Sabtu, 10 Maret 2012

KALIMAH PARÉNTAH (B. Sunda)


   
a.     Kalimah Panitah, kalimah nu digunakeun pikeun nitah jalma ngalakukeun pagawéan.
Contona:
·        Endul, launan atuh radiona!
·        Cing atuh Husni, ulah nangtung hareupeun panto!
·        Cik, eureunan ngaroko téh Bayu, euweuh manfaatna!
·        Punten Pa, ningal karcisna!

b.     Kalimah Pangajak, kalimah nu dipaké pikeun ngajak jalma séjén sangkan ngalakukeun pagawéan babarengan.
Contona:
·        Héri, hayu urang sakola bisi kebeurangan!
·        Rida, urang ulin ka Matahari Mall, yu!
·        Mangga atuh, sasarengan sareng abdi!

c.      Kalimah Pangharepan, kalimah nu eusina mangrupa harepan (kahayang).
Contona:
·        Mugi Néng Riska sing énggal damang!
·        Muga-muga harepan urang tinekanan!
·        Hayang téh gera liburan, rék ulin ka Inggris!

d.     Kalimah Panyaram, kalimah nu eusina nyaram ka batur sangkan teu ngalakukeun pagawéan nu teu dipiharep.
Contona:
·        Ulah ngalamun di lawang panto, Diah!
·        Teu meunang miceun runtah di dieu!
·        Entong badeur ari jadi budak téh, bisi bodo!
·        Ulah liwat kana pager cucuk, bisi tikait!

e.      Kalimah Pangwadi (anjuran), kalimah nu eusina mangrupa anjuran.
Contona:
·        Mun, ganti atuh baju téh, Nita!
·        Hadéna mah ulah waka réa omong!
·        Sawadina Cép Bayu lapor heula ka Pa RT!

f.       Kalimah Pangjurung, kalimah nu eusina mangrupa pangjurung ka jalma pikeun ngalakukeun pagawéan nu rék dipilampah.
Contona:
·        Geura indit ari rék sakola mah!
·        Gancang leumpangna bisi kabeurangan!
·        Burukeun mandina, Acep!
·        Énggal atuh upami bade ngiring mah!

g.     Kalimah Panggeuri (permohonan), kalimah nu eusina mangrupa pamenta.
Contona:
·        Emh, Euis hampura Dina!
·        Hih, atuh Ujang cing sabar wé!
·        Cing atuh, abdi pasihan, Gan!
·        Duh gusti, mugi masihan jalan ka Kang Dudi!


0 komentar:

Posting Komentar